Sertifikasi Ceuk Ojeg


Ieu mah obrolan Abah Bodén  jeung barudak ojég, lain kritikan atawa pelecéhan, da kuring ngamaklum pisan kana pamanggih manéhna nu jelas masih kurang wiwahana...kieu gera :

Ojég                   :
Bah, ari sertifikasi téh naon ?

Abah Bodén       :
rék naon atuh nananyakeun sertifikasi sagala ?


Ojég                   :
atuh hayang apal wéh, pédah mani asa mindeng ngadéngé bahasa éta téh

Abah Bodén       :
emhh…kitu..? éta téh ceuk cohagna mah tunjangan profesional pikeun guru jeung Dosén

Ojég                   :
ari nu nangtukeun guru professional téh saha Bah ?

Abah Bodén       :
aya tim husus penilaina nu ditunjuk ku pamaréntah

Ojég                   :
naon nu dipeunteunna téh ???


Abah Bodén       :
administrasi dina bentuk portofolio

Ojég                   :
ariiiii naon polio téh bahasa deungeun, naon waé éta téh..?

Abah Bodén       :
lain naon polio..tapi portofolio…enya serepan tina bahasa deungeun.anu eusina cenah mah bundelan data data pribadi jeung administrasi séjénna salila digawé, kalawan dilengkepan ku bukti-bukti pernah miluan seminar, kursus, diklat, jeung ték-ték bengék sakéhé aya dina éta portofolio téh…kitu..tah.. ngarti ???

Ojég                   :
rék api-api ngarti wéh…da panasaran téa atuh….lamun lulus
dipeunteunna bakal kumaha?

Abah Bodén       :
nya lulus téa jadi guru profesional, kalawan boga hak meunang
tunjangan profési

Ojég                   :
ooooh kitu..??? sabaraha meunangna téh?

Abah Bodén       :
ih..rupa-rupa..kumaha gajih pokona…cenah mah lamun tadina dua juta, bakal jadi opat juta sabulanna téh !!

Ojég                   :
wah….??? Ngeunah atuh nya Bah ???, ari Abah geus meunang ? naha mani teu becré ka barudak ojég....???

Abah Bodén       :
puguh wéh ngeunah mah..Abah mah can meunang pan can jadi sarjana, jeung masih kénéh anyar jadi guruna gé. Jadi ceuk cohagna mah can profesional !!!

Ojég                   :
eemmhh…enya ngarti ayeuna mah…ari guru nu urang ditu gening..nu sok Megat mobilna jam 8…geus meunang..???

Abah Bodén       :
ooh étaa…cenah mah geus meunang pantes da geus lila atuh jadi guruna gé

Ojég                   :
atuh padahal mah Abah gé nurutan !!!

Abah Bodén       :
maksudna?

Ojég                   :
enya nurutan indit beurang ari hayang meunang mah…!! Sugan wéh kuring
kabéré..lain ngan ukur udud sabatang jiga ayeuna…!!!

Abah Bodén       :
géhél téh hanas dilayanan…

Ojég                   :
paingan atuh Abah mah teu meunang sertifikasi…da bodo gening..!??

Abah Bodén       :
bodo kumaha…?

Ojég                   :
ari hayang …meunang gaji sertifikasi…ari indit gawé jam 7 geus di sakola…
nya….moal meunang-meunang atuh…??!!!

Abah Bodén       :
boa enya nya euyyy ???? ( abah bodén kabawa lieur…)



Sumber: Plesdis Abah Boden