ABAH LIEUR

ABAH LIEUR
"Dèn, gentos heula acuk !!" ceuk kuring ka si bungsu nu masih diseragam pramuka
"Wios wè pan ènjing mah minggu" tèmbalna bari anteng momobilan
"Yeuh,,,,acuk tèh aya paragi sakola, aya paragi ngaos, aya paragi

sakola agama, aya paragi bobo, sareng aya paragi ameng,,,maenya acuk seragam dianggo ameng ?" Ceuk kuring mèrè kajelasan,
"Abah,,,pan seragam gè sami paragi ameng, pami istirahat pan sok ameng ? Piraku istirahat kedah gentos heula acuk ? Ah lieur abah mah,,,!!!" Tèmbal si Bodèn jiga nu èntèng,
"Muhun nya ?" Tèmbal kuring èlèh dèèt 



sumber: FB Abah Boden