Jurig "meureun"

Kajadiannana waktu kuring keur sakola di és-pé-gé kelas hiji, harita pun bapa dirawat di RSU Garut, di kelas II.
Kabeneran wéh di Garut, jadi kuring bisa kemit. Tiap burit balik sakola langsung balik téh ka RSU. Nu tunggu harita ngan ema wungkul, biasana sok aya kilanceuk, ngan tadi beurang indit deui ka Suamtra ngadon kuli..
            Wanci Magrib, kuring geus di RSU, asa béda dina peuting ieumah, duka pédah malem jumaah meureun ? asa tiiseun, nu kemit biasana aya lanceuk, ayeunamah ngan ukur jeung ema wungkul.
Rumasa kuring mah jalma nu geus cadu kudu pangih jeung jurig téh, lain sieun tapi éra...
“Gera sholat yi !!!!” ceuk ema nitah sholat.....
“Muhun ké sakedap pameng,,,!!” témbal téh pondok...


“Ngarah jongjon ngerjakeun Pé-éR na ari geus sholat mah”,ceuk ema keukeuh nitah...
Katipu ogé boga ema téh, samarukna ngerjakeun Pé-éR, padahal kuring mah keur ngeusian Té-Té-éS, da ari Pé-éR mah isuk wé niron ka babaturan biasana gé kitu.
“Jug buru sholat heula !! nya Pé-éR naon atuh mani teu angeus-anggeus ? hésé ?”, saur ema tetep nitah....
“Muhun ma, sesah pisan....kantenan  7 mendatar mah”.......témbal téh kalepasan.....
“Kéhéd téh sugan ema ngerjakeun Pé-éR, atuh pantes mumul sholat gé ari keur ngeusian Té-éS mah ? ulah sok nga baé-baé kana sholat, tuh sakeudeung deui gé isya, anggur mah kudu dug cong terus ngadu’a sangkan bapa enggal damang !!!!!”
Kuring teu némbal da sieun ari dicarékan mah, léos waé ka masjid.
Kacaturkeun geus maju ka peuting, panon teu daék peureum. Kabeneran témpat kémit téh aya rohangan lega khusus nu tunggu, ditukangeun kamar pasén, tempat na betah, lega, rada tiiseun da deukeut jeung kamar mayit, katambah-tambah tepung pisan ka sisi Cimanuk, matak kapeutingnakeun mah kadéngé pisan ngaguruh na cai ti Cimanuk téh.
Lain teu rék saré di kamar pasén, tapi teu kuat bau obat, bari jeung pinuh ku batur nu kemit gigireun bapa kuring.
            “Rék saré mah di jero wéh, pan euweuh batur ayeunamah ?” ceuk ema bari nitah asup...
            “Ah wios wéh di dieu, pinuh di lebet mah, témbal téh “ bari anteng ngeusian Té-éS....
            “Nya ludeung kitu ?” ema kuring neruskeun nanya...
            “Ludeung atuh, da tos teu usum jurig ayeuna mah,” témbal téh bari rada sieun dina haté mah......
            “Ari ludeung onaman, syukur wéh, ema rék saré atuh !!!”
            “Muhun mangga wé ema kulem heula ti payun !!”
Waktu ngagayuh ka peuting, jarum jam terus muter euwueuh kacapé ngalaksanakeun tugasna. Kuring masih anteng ngeusian Té-Té-éS  bari gogoléran, teu karasa lep baé kasaréan..
Teuing jam sabaraha ? kuring lilir ka hudangkeun ku sora kekeletrékan di luar, ah teu pati di déngé....api-api teu sieun, terus saré deui bari di harudum sarung, bari haté mah reuwas.
Nu kekeletrékan téh répéh, ah moal jauh pasti ucing keur néangan hakaneun dina tempat sampah, gerentes haté rada ngupahan manéh.....Teu kungsi lila aya deui nu kekeletrékan téh,,,duh boa-boa..............bari haté pinuh kasieun kuring ngeteyep maksud rék noong ka luar......karék gé ngulisik rék hudang, nu disada geus répéh deui.
Ngahajakeun api-api batuk, ngarah si ucing kabur..tapi .....kalah aya deui.
Haté ratug teu puguh, ngabayangkeun naon anu di sada waé di luar ? maksa di peureum-peureum geus puguh teu daék saré da sieun téa.....
“Ah.....ku aing mah rék di tempo kaluar !” gerentes haté ngawani-wani karep, bari terus ngorondang keketeyepan ngadeukeutan panto, sanggeus tepi kana panto, cengkat rék noong tina kaca jandéla.......na atuh barang di toong téh aya nu ngabelegbeg bodas di buruan hareupeun kamar mayit......teu antaparah kuring luncat tarik naker, ngagulingkeun karep kana samak, tuur ngajeduk tarik, tarang tidagor kana téhel da waktu nyuuh teu pas kana bantal, bari keuekeuh haté ratug teu puguh.....Bari diharudum sarung, karasa awak ngadég-dég, tuur nyeri, tarang bencenur ngajendol sagedé endog...
Bari keukeuh pinuh ku sieun kuring maksakeun pindah ka jero, saré gigireun ema....
            Wanci ngagayuh ka subuh, hawar-hawar kadéngé tarhim, kuring masih teu daék saré, haté masih reuwas, tarang jeung tuur karasa kénéh.. Ema gugah, bari pok nanya “ naha lain saré di luar ?” . Tiris ah teu kiat... témbal téh ngabohong da éra..
Ema langsung ka wc badé wudlu, teu kungsi lila kaluar deui, ngamparkeun sajadah, teras mukakeun lomari leutik...bari pok naros “ Yi...ari mukena ema dimana?”
“Duka tuh teu terang “ témbal téh bari ngagojod ku simut males hudang.....
Ééééh, naha ari geus kolot nya sok limpeuran !!!! saur ema bari rada imut...
“Nya naon kitu ma ?” pok téh panasaran.
“Enya pan tadi téh dipoékeun di luar, pédah panas pisan....cik pang nyokotkeun dina sasampayan nu pendék gening di belah kulon !!!!!”
Barang ngadéngé kitu, keuheul kacida, moal jauh nu ngabelegbeg bodas téh mukena....emh dasar kuring borangan......ngan ieu tarang kumahakeun ?
Bari ngulisik hudang, kuring mukakeun panto kaluar, terus rurat-rérét, tétéla enya.... jurig mukena nu matak buncunur tarang déwék téh....
            Isuk-isuk méméh sakola didongéngkeun ka ema jeung bapa nu masih teu damang, aranjeuna garumujeng, kantena pun bapa mah meni jiga nu nikmat gumujengna téh...bari pok sasauran “ tah nu kitu cilaka ku polah sorangan téh “ matak gé jadi jalma mah ulah borangan, tapi keun baé Ayi nu nyeri tuur jeung tarang ngajendul ogé, da keur bapa mah jadi ubar, maké bet bisa seuri “ hé.hé.hé.hé.