Guru Dur Lohor


Dur lohor, kuring biasa indit ka sakola, bagéan beurang mah asup jam ½ hiji, kaluar jam ½ genep..Poé ieu poé kadua kuring asup sakola sanggeusna réngsé miluan penataran P4, ceuk barudak ayeuna mah suasana anyar, lingkungan anyar, sabab asa kamari kuring maké kénéh calana pondok, ayeuna mah geus maké calana panjang warna abu...
Sanggeus leumpang jauh nu méakeun waktu kira-kira sabatangeun roko jarum coklat, antukna tepi ka sakola nu di jug-jug, sakola nu lain kahayang, matak karék tepi gé sumanget geus euweuh...Nun Gusti pasihan abdi hidayah, supados betah di ieu sakola, hawatos pun bapa nu kagungan cita-cita palay naker gaduh putra sakola di éS--..
Bapa...hapunten abdi bilih teu tiasa nyugemakeun manah sareng émutan bapa...


            Ieu sakola pikeun nyitak guru, nu sapantesna ngabogaan murid lain jiga kuring. Haté leutik can méréan pikeun sakola di éS--, lain pédah gaji guru dina waktu harita ngan cukup keur meuli tahu ceuk Iwan Fals mah...tapi jadi guru téh énténg bangga...Komo guru és-dé mah, énténgna pangajaran teu beurat-beurat teuing, banggana di henteu-henteu gé kudu bisa nyontoan nu alus ka barudak...pan aya paribasa “GURU KENCING BERDIRI MURID KENCING BERLARI”
            Saban poé kuring indit ka sakola, ngan duka ti mana asalna ka sakola jadi tara tepi, rajeun tepi tara tepi ka tamat..emh dosa ka kolot...
Wajar ceuk haté kuring harita, ngaran sakola dipaksa kudu kadinya lain kahayang sorangan da cita-cita mah hayang jadi pagawé Pé-éL-éN. Ti ditunamah bentuk protés kana kadiktatoran nu jadi kolot jeung lanceuk, ngalawan ku basa teu bisa, nya akhirna ku sikap nu sarupa kitu.
Tilu bulan geus kaliwat ditingali dina agénda kelas ngaran kuring geus aya kana 30 na alfa, aya ku teu ngeunah katingalina.....ah kapaksa éta absén téh di bawa kaluar dilelepkeun kana leutak sawah nu aya di pipir sakola..hapunten pa guru !!!!!
Anu kacida hayang seuri dina waktu harita, kabeuki teh lalajo film di bioskop, komo film jacky chan mah resep pisan. Sapérti biasa bioskop téh kaliwatan mun kuring ka sakola, jadi bisa apal film naon nu diputer engké burit ? Tepi ka sakola, janjian jeung sobat nu sarua karesepna, bél disada tanda istirahat kuring jeung sobat kabur ngadon lalajo film.
            Loba kajadian-kajadian anu ahéng ngeunaan kalakuan kuring salila di és-pé-gé,matak pikaéraeun, pikasediheun, pikalucueun, pang-pangna pikakeuheleun....
            Kiwari kuring geus jadi guru ti mimiti taun 2003 diangkat mimiti jadi Gé-Bé-éS, nepi ka kiwari téh geus meunang 7 taun leuwih ngabakti kalawan lain Gé-Bé-éS deui, lain ngahonor, da keur kuring mah kajeun ngojég dari pada jadi sukwan, kajeun disebut mata duitan gé, da maraban anak pamajikan mah teu cukup ku laporan bulan atawa daftar satu, keukeuh nu ngarana duit mah butuh.
Karasa jadi guru ngan modal ijazah éS-- anu teu eucreug téa, nataku hésé na téh, tong boro-boro nyieun persiapan keur ngajar, dalah nyieun aksara nu jiga aksara guru gé teu bisa meueus. Naha teu salah kitu pamarentah ngangkat kuring jadi guru ?
Sugan téh moal lulus tésting, rumasa ngeusian gé sakahayang. Ngan yakin du’a kolot nu kuat, sakumaha cita-cita anjeuna hoyong gaduh putra janten guru téa, kiwari laksana, nyatana kuring.
Bener pisan kolot mah implengan pikeun kahareupna, mun ayeunamah VISI na tepat, jigana geus kajudi yén jadi guru téh bakal ngareunah mun ukuran duitmah, kitu gé mun nu bisa matéakeunana. Asa kamari gaji guru ngan ukur dua tilu ratus rébu, kiwari geus sajuta kaluhur nu pang handapna téh, matak pantes mun kiwari jadi guru téh keur meujeuhna pada mikahayang. Ampir kabéh nu boga budak kaluar SLA di ka PGSD keun, sabab kahareupna cerah cenah...
Sabalikna jeung jaman baheula jadi guru téh paembung-embung, pajarkeun téh éra, gajina leutik ngan cukup keur meuli tahu ceuk Iwan Fals mah. Malah nyebutna gé Oemar Bakri, sanajan nu nyitak Profesor, Doktor  gé tetep gajih mah dikabiri.
Tapi Alhamdulillah ayeunamah pamaréntah teu ngantep ka guru nu katelahna Pahlawan tanpa tanda jasa téh. Gajina meuntas ti sajuta, nu ukuran di kampung mah leuwih ti cukup, lain ngan ukur kabeuli tahu, malahan najan rék meuli pabrikna gé bakal mampu, asal kudu wawuh jeung Bé-Pé-Dé.
            Haté leutik mindeng ngarasa dosa ku pagawéan nu beuki dieu kalah asa teu puguh, komo mun geus kudu nyieun administrasi. Tong boro-boro administrasi nu lengkep, nu matak méakeun waktu istirahat di imah, dalah administrasi nu ngan ukur nyieun persiapan gé mun teu maksakeun mah horéam kacida. Pikir téh asa percumah nyieun gé da tara ditanyakeun ku kepala sakola ieuh. Padahal éta mah ngan ukur hayang kapuji wungkul ku dunungan, nu puguh mah persiapan keur poé isuk ngajar, ulah tepi ka ti tatarajong.
Rada anéh ari jadi guru éS-Dé mah, pan administrasi gé loba pisan rupana, gawé pang ripuhna, unggal poé kudu ngajar rata-rata opat mata pelajaran, ari gaji sarua malah leuwih leutik mun dibandingkeun jeung guru éS-éM-Pé nu ngajar ngan rata-rata 3 atawa 4 poé dina samingguna.
Sajaba ti ripuh téh beurat deuih...enya rék teu beurat kumaha, mun budak kurang pangaweruhna terus asup ka éS-éM-Pé, geus jelas nu disalahkeun téh guru éS-Dé, ari guru éS-Dé teu bisa nyalahkeun ka guru Té-Ka.
            Sajaba ti éta loba pisan kegiatan nu nyongcay waktu ngajar, cindekna  guru éS-Dé mah bisa disebut SUPARMAN éh SUPERMAN, kudu masagi, kudu sagala bisa. Pajarkeun téh basa ceuk pembinaan, sagala rupa gé kudu siga guru, timimiti leumpang tepi ka saré gé kudu jiga guru...Tah éta nu kacida beuratnamah, pan sarua GURU JUGA MANUSIA, wajar wé salah mah da lain malaikat...dalah ngaran ajengan gé sok rajeun salah.
            Jigana lain kadinya maksudna, nu jelasmah guru téh kudu dibalikeun deui kana kirata, naon kirata teh ? ceuk sakaolmah wangsalan tina DI KIRA-KIRA TAPI NYATA, contona : comro = oncom di jero, cilok=aci di colok, taksiran=sirah butak disisiran, jeung réa-réa deui. Tah moal jauh tina sawangan guru  téh ngandung harti “digugu jeung ditiru”. Leuh asa beurat kacida boga gawé jadi guru, tong boro tingkat kuring, dalah nu geus golongan IV nu geus téréh pangsiun gé rada hésé manggihan nu kasebut guru nu kitu mah. Komo jaman kiwari mah aya béja di kabupatén batur mah Kepala Dinas Pendidikan menyelewengkan uang negara aya kana milyaranana. éta téh hulu na, bisa dibayangkeun awak jeung buntutna jiga kuring......Naudzubillah.....
            Numatak...ka sing saha waé nu maca ieu, nu boga niat hayang jadi guru kabeneran can jadi , omat kudu dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun ceuk kolotmah, bisi kaduhung akhirna. Da tétéla jadi guru téh hésé, lain palebah ngajarna, tapi hirup jadi guru téh tepi kakiwari gé kaitung langka nu bisa, sanajan kasebut guru agama gé....
Ulah ningali gaji guru keur meujeuhna diperhatikeun ku pamaréntah, mending gé urang tanya ka diri sorangan, naha geus kacumponan gaji ti pamaréntah ku gawé urang ? Kamajuan naon nu geus kelar dina raraga ngatik, ngadidik barudak? Naha teu gédé teuing pamaréntah ngagajih gawé urang nu ngan sakieu?
            Mémang bener jadi guru bisa  norobos jalan ka surga, kitu gé mun bener téa digawéna...da mun jiga kuring mah ah kalah titajong kana naraka jiganamah. Rumasa, ngajar sahayuna, indit ka sakola teu wéléh kabeurangan, asup jam 7.30, ari datang jam 8 an, barang sup ka kls ngan nitah nulis ka barudak da kuring guruna rék ngadon ngobrol di kantor, nya ari ngobrol téa lain sorangan, bari jeung tara sakeudeung-sakeudeung.....antukna kalah geus waktu istirahat deui. Antukna mun geus istirahat budak téh tara asup deui, pajarkeun téh kagok sakeudeung deui gé mulang, barudak anteng ulin, aya nu maén bal, nu ucing-ucingan, bungah wé meureun padahal mun manéhna geus déwasa mah bakal protés sabab teu meunang nanon ti sakola téh....Kitu peta téh teu sirikna unggal poé, komo poé saptu mah keun baé teu diajar pisan gé da waktuna beberesih....ah ancur dunya atikan téh mun guruna jiga kuring kabéh..
            Anéh pisan....naha ari baheula nu guruna cukup ti SD, boro-boro D2 komo S1 mah, digawéna téh balener, tanggung jawabna gedé, tara nungtut naék gaji, tapi barudak palinter ? tapi kiwari....nu geus sagala nyampak, kurikulum nu pang alusna keur ukuran ayeunamah, bahan ajar geus siap, pan aya BOS téa, tapi barudak teu bisa raraban – raraban acan ?....Cing naon atuh nu jadi cukang lantarannana ? Tah éta pisan nu jadi tanda tanya téh.....dosa mun kuring tetep digawé jiga ayeuna? Kudu kumaha ari jadi guru téh ? da can ningali conto nu alus ?
            Nun Gusti hapunten abdi tina sanés kanten kalepatan, utamina dina ngatik ngadidik barudak,....Pasihan hidayah kanggo abdi khususna, umumna kanggo guru-guru nu sapertos      abdi !!!!!! amin yaa robbal aalamiin........